LIRIK LAGU DAERAH JAWA BARAT (TATAR SUNDA)

 

Sumber gambar: https://takaitu.id/mengenal-lebih-dalam-karinding-alat-musik-tradisional-sunda-yang-lebih-tua-dari-gamelan/

 

Berikut lirik lagu daerah dari tatar Sunda yang dikenal berada di provinsi Jawa Barat:


“Bubuy Bulan”

Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray béntang
Panon poé
Panon poé disasaté

Unggal bulan
Unggal bulan abdi téang
Unggal poé
Unggal poé ogé hadé

Situ Ciburuy
laukna hésé dipancing
Nyérédét haté
Ningali ngeplak caina

Duh éta saha
Nu ngalangkung unggal énjing
Nyérédét haté
Ningali sorot socana

 

 

“Peuyeum Bandung”

Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana
Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

 

 

“Sapu Nyere Pegat Simpay”

 

Ririungan urang karumpul,
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan,
Macangkrama bari ngawadul,
Urang silih tempas, silih aledan…

Moal lila jeung babaturan,
Hiji wanci anu geus ditangtukeun,
Bakal pisah bakal pajauh,
Bakal mopohokeun katineung urang…

Sapu nyere pegat simpay, bakal kasorang, (Paribasa)
Takdir ti Gusti Hyang Widi, pasti kalakon…

Urang rek papisah,
Urang rek pajauh,
Meungpeung deukut,
Hayu urang sosonoan..

 


“Manuk Dadali”

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun

Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

 

 

Sumber:

Gasbanter. 2020. Mengulas 20 Lagu Daerah Jawa Barat beserta Lirik dan Maknanya. Diakses pada tanggal 14 Oktober 2020, dari: https://gasbanter.com/lagu-daerah-jawa-barat/


1 comment:

  1. IONQQ**COM
    agen terbesar dan terpercaya di indonesia
    segera daftar dan bergabung bersama kami.
    Whatshapp : +85515373217 :-* (f)

    ReplyDelete